Minggu, 01 Maret 2009

harorem teh kieu yeuh,foto we hungkul



SASAKALA UNCAL TANDUKAN



Jaman baheula, kuda teh bogaeun tanduk, mani ranggaek. Gagah pisan katenjona teh. Komo deui awakna aya nu jangkung nya lempay. Buluna herang gugurilapan.
Sakadang kuda teu weleh agul, dumeh ngarasa panghadena rupa. Gawena ngan lajag lejeg, hayangeun ditaksir. Sok atoheun kacida lamun dipuji teh. Manehna teu nyahoeun, sakapeung nu muji teh ukur pangoloan.
“Euweuh deui anu gagah di ieu leuweung, kajaba anjeun,”ceuk sakadang uncal.
Sakadang kuda leumpangna beuki dangah agul pisan pedah dialem ku sakadang Uncal.
“Gagah mana kuring jeung sakadang Banteng?” kuda nanya.
“Nya atuh gagah keneh anjeun. Sakadang Banteng mah awakna oge henteu matut. Jaba deuih tandukna henteu ranggaek,”tembal Uncal.”Kuring oge hayang boga tanduk kawas anjeun.Meureun bakal jadi gagah.”
“Is, atuh tangtu wae bakal gagah mah,” ceuk Sakadang Kuda.
“Cik atuh kuring nginjeum tanduk sakeudeung,” ceuk Sakadang Uncal.
“Is, ulah,” Sakadang Kuda gancang nempas.
“Sakeudeung we atuh, hayang ngajaran. Piraku pantar anjeun anu sakitu gagahna make koret. Sakadang Banteng oge kungsi nginjeumkeun tanduk ka kuring,” uncal ngabohong, sabab hayang dibere nginjeum tanduk.
Sakadang Kuda ngahuleng sakeudeung, manehna ngarasa era dumeh diseut koret. Komo deui make dibanding-banding jeung Sakadang Banteng.
“Tapi tong lila, nya?” ceuk Sakadang Kuda sanggeus ngahuleng heula.
“Moal atuh,” tembal Sakadang Uncal.
Gancang eta tanduk diinjeumkeun. Rap dipake enya we Sakadang Uncal gagah.
Leos Sakadang Uncal indit, Sakadang Kuda nungguan.
Pleng les, Sakadang Uncal teu datang deui, Tug nepi ka kiwari eta tanduk teh teu dipulangkeun deui. Matak ayeuna kuda teu bogaeun tanduk. Ari uncal tandukna sakitu alusna.

1 komentar:

Yatti Sadeli mengatakan...

kabayang nya, upami jaman ayeuna kuda tandukna ranggakgak ... kumaha upami narik delman atanapi dianggo tunggangan para cowboy atanapi dianggo pacuan?
tapi ketang mana kitu oge tos kitu kedahna, sareng aya tujuanana nginjeumkeun tanduk ka uncal. Cacakan ayeuna tos teu aya tandukan, sim kuring mah upami naek delman teh sok sieun kudana ngamuk,