Kacaritakeun aya Aki Pangebon. Sapopoena ngan ukur idek liher di kebon bari miara pakaya. Ari anu dipelakna sarupaning bubuahan jeung palawija.
Pakaya Aki Pangebon teu kaur jaradi jeung teu kaur arasak. Sok aya wae nu ngaganggu, ari anu ngagangguna nyaeta Sakadang Peucang.
Aki Pangebon kacida pisan keuheuleunana ka Sakadang Peucang, nepi ka boga niat hayang newak eta sato.
Aki Pangebon boga akal arek ngeupanan Sakadang Peucang ku leugeut teureup. Tuluy Aki Pangebon teh nyieun bebegig. Eta bebegig teh make leugeut teureup tea, sarta tuluy dipasang di tengah-tengah kebon.
Kabeneran Sakadang Peucang geus lapareun. Sakadang Peucang ngajugjug kebon anu dipasangan bebegig tea.
Barang nempo bebegig, Sakadang Peucang ngadeukeutan, sarta tuluy nanya. Sababaraha kali Sakadang Peucang nanya, tapi weleh eta bebegig teu daekeun ngajawab. Atuh Sakadang Peucang teh ambeukeun pisan.
Sakadang Peucang ngambek, sarta eta bebegig teh ditejeh tuluy ditubruk. Atuh puguh wae Sakadang Peucang teh teu bisaeun walakaya, sabab awakna rapet kana bebegig nu geus meunang moles ku leugeut teureup tea.
2 komentar:
duh, karunya teuing sakadang peucang bet keuna ku leugeut aki pangebon. Boa-boa teras dipeuncit .... didamel sate.
Sareng ku aneh leugeutna teh nganggo leugeuteureup. sanes ari leugeuteureup mah kangggo ngaleugeut mojang? geuning aya paribasa, leugeutna si leugeuteureup .... dst. Eh punten ketang bilih sim kuring nu lepat
Hatur nuhun🙏
Posting Komentar